Waditra Sunda

A traditional pop song of West Java telling the story of Sundanese musical instruments that become scarce and less popular than modern instruments today.
Song+lyrics+music: me
Vocal: @rachminez
Backing vocals: @vreza @rizkynurm @adietiansyahabo

VERSE 1:
Jaman kiwari, jaman nu sagala aya
Ti sendal nepi ka kapal
Kiwari, jaman nu sagala bisa
Ti dulur nepi ka batur
Dunya ukur darma wawayangan
Tong mopohokeun budaya lemah cai urang

VERSE 2:
Waditra Sunda, titisan karuhun bangsa
Dimumule dipupusti
Kiwari, eunteungeun jatining diri
Neuleuman ati, nitenan diri
Tong pegat niat komo bari elehan
Ngarah dipikaserab ku sakumna bangsa-bangsa

REFF:
Dangukeun ieu waditra Sunda
Kacapi, suling, kendang, saron, bonang, kempul, gong
Waditra Sunda, warisan Indonesia
Karinding, calung, rebab, angklung, toleat, jenglong
Waditra warisan nagara

CODA:
Wening galih dina rasa sauyunan
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak
Nyambut imut bagjana alam jagat
Dipasieup pidu’a sakumna jalma
Waditra Sunda, pitutur karuhun bangsa
Nyukcruk galur kabeungharan lemah cai Indonesia
Urang mumule hamo tong eleh
Sabilulungan nanjeurkeun bangsa mandiri

Advertisement

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Change )

Connecting to %s